Sajarah Sumedang Jaman Pangeran Kornel Nepi Ka Jaman Pangeran Mekah (2)

Kapaksa malikan deui carita, sakumaha anu geus dicaritakeun diluhur, supaya tetela, nalika di Cikalong, Dalem Adipati Soerianagara garwaan ka putra kawalon Bupati Bogor Aria Rangga Gede ti garwa Raden Lenggang Nagara, putra Bupati Bogor Tumenggung Wiranata Nagara, putu Bupati Cianjur Aria Wiratanoe Datar dicondre. Dalem istri Lenggang Kosoemah  ti Dalem Adipati Soerianagara kagunagan putra tilu : Cikalna kakasih murangkalih “Asep Abdoel” nu di taun 1797-1801 jadi Kapala Cutak di Conggeang, ti taun 1801 nepi ka taun 1806 di Pamanukan.

Nya di taun 1808 ngasta Kabupaten Parakanmuncang, jujuluk Raden Aria Adiwidjaja. Ari putra nu panengah istri, jenengan murangkalih Nyi Raden Adjeng, waktu taun 1808 carogean ka Bupati Bandung Dalem Adipati Wiranata Koesoemah II (Dalem Kaum nelahna kiwari). Nu panganomna putra ti Dalem istri Lenggang Koesoemah teh, kakasihna Asep Ewok, ana dilandih Raden Somanagara, di taun 1804-1806 jeneng Houp Kumetir Kopi di Sumedang, taun 1806-1807 jadi Kapala Cutak Pamanukan, nu waktu di Pamanukan katerka nelasan urang Tionghoa, nu matak dialihkeun ka Cipicung sarta di taun 1808 tetep jadi Kapala Cutak Cipicung.

Tuan besar Maarschalk Mr. Herman Willem Daendels dina 14 Januari 1808 jumeneng Gupernur Jendral, Pamarentah tanah Hindia, nya kitu demi pulo Jawa gede kapangaruhanana ku urang Parasman, malah jaman harita disebut jaman kapurba ku Bangsa Parasman.

Talapakan tuan Besar Maarschalk Daendels, nu nepi ka kiwari jadi catur, nya eta tina hal nyieun jalan gede ti Anyar ka Banyuwangi. Ari anu rek didongengkeun di dieu mah, ngantina perkara meresan jeung ngalegaan jalan ti lebah Parakanmuncang, Tanjungsari atawa Ujungberung nepi ka Karangsambung bae, ari anu saestuna mah, Tuan Besar Maarschalk Daendels lain miwarang naratas nyieun jalan anyar, tapi ngahadean jalan heubeul, supaya gampang dipake liwat ku rupa-rupa tutumpakan, saperti kareta. jstna

Nurutkeun bisluit nu marentah mah nyieun jalan, diserat ke tuan Besar Maarschalk Daendels teh titimangsana tanggal 15 Mei 1808, sasumpingna ka Cirebon atawa Tegal, saparantos ngalangkung ti Sumedang. Bawaning jalan Parakanmuncang – Sumedang sakitu tarahalna jeung gorengna, nepi ka Maarschalk tea, ti Parakanmuncang ka Sumedang kapaksa nitihan tandu atawa kadera. Dina bisluit anu kasebut bieu, ngahadean jalan anu tarahal teh nyaeta ti lebah Cisarua nepi ka Cianjur jeung ti lebah Parakanmuncang nepika karangsambung dipigawena kalawan panalingaan genieofficier (opsir tina balatantara nu purah nyieun jalan katempat pangperangan, purah nyieun benteng jeung rupa-rupa adegan militer, tegesna mah soldadu patukangan) jeung dua onderofficier.  Tuan Komisaris kapapancenan memeres jalan gede antara ieu anu dua tempat tea, ari anu jadi bupati-bupati dibantu ku tuan-tuan opsinder kopi, kudu ngamandoran pagawean ngurus jalan anu biasa bae. Ana kitu atuh jalan gede antara Parakanmuncang jeung karangsambung teh beunang militer, nu matak osok disebut jalan militer.

Dina tanggal 2 October taun 1808 aya sarebu urang Cirebon nu digawekeun nyieun jalan militer antara Parakanmuncang jeung Karangsambung. Antara Cipeles jeung Cikaramas di lebah Simpang, nu kacida tarahalna jalanna dipindahkeun. Di bulan Maart 1820 dipigawena. Dipindahkeun deui jalan teh di lebah Ciherang kasebut Pola atawa Sarongge dimimitian dipigawe, dina bulan Juni 1820 diluluguan sarta ditalingakeun ku Bupati Sumedang ku anjeun, sarta dina ngabobok Cadas pangeran ku obat bedil lain ku dinamit kawas ayeuna, ngahaja diluluguanana ieu pagawean ku tuan Residen Priangan ku anjeun nyarengan Bupati Sumedang, dimandoran ku Patih Sumedang Raden Demang Mangkoepradja.

Jalan Cadas Pangeran (bawah), Sumedang ca. 1910. (Museum Volkenkunde)

Dina sela-sela cadas anu nangtawing jalan gede teh diliwatkeunana sarta dina cadas sabeulah ti kenca, upama urang ti Sumedang ka Tanjungsari leumpang, di lebah Cadas Pangeran aya tugu tembokan tina marmer ditulis kieu :
"onderleidingvan Raden Demang Mangkoepradja en onder toezicht van Pangeran Koesoemah Dinata,Aangelegd 1821. Doorgekapt van 20 Nov tot 12 Maart volg.
Pisundaeunana kieu :
"Ieu pagawean diluluguan ku Raden Demang Mangkoepradja sarta ditalingakeun ku Pangeran Koesoemah Dinata (Pangeran Kornel). Dijieun taun 1821. Dibobok ti tanggal 20 November 1821 nepi ka 12 Maret 1822."  
Ku tuan Residen dijajal diliwatan ku kareta dina tanggal 20 Februari 1822. Dina tanggal 29 Juli1822, tuan Residen Priangan sareng saderek tuan Besar Gupernur Jendral Baron Van der Capellen nitihan kareta ngalangkung ka lebah Cadas Pangeran, nya harita dicobana eta jalan teh. Kiwari jalan lebah dinya geus dipindahkeun deui ka tebeh lebak. Tah sakieu dongeng nyieun jalan lebah Cadas Pangeran teh.

Tuan Besar Maarschalk Mr. H.W. Daendels, Gupernur Jendral tanah Hindia, nalika roronda di Surabaya dina tanggal 1 Juli 1809 ngadamel bisluit, Bupati Brebes Mas Tumenggung Poesponegoro dilirenkeun lantaran sepuh sareng ririwit, gantina kana Bupati Brebes nya eta Bupati Krawang Adipati Singasari Panatajoeda sarta dialihkeun, Regen Tangerang Aria Soetadilaga. Sadayana kalawan ngagem keneh jenengan jeung gelaran nu kasebut bieu.

Bupati Tangerang Aria Soetadilaga nembe dilungsur tina pangkat Regent Tangerang, lantaran Kabupaten Tangerang diburak, tanahna dijual ku Pamarentah, jadi tanah partikulir. Tapi Aria Soetadilaga ku pamarentah dipaparinan tanah, jadi Dalem Aria Soetadilaga teh sasat jadi tuan tanah. Ku sabab eta mantenna nanduk, teu kersa diangkat deui kana Bupati Krawang.

Ana jol putusan Pamarentah bisluit tanggal 29 Augustus 1809 Kabupaten Krawang dibagi dua, sakuloneun Citarum asup ka bawahan Landdrost Batawi, ari sawetaneunana katarik ka wewengkon Sumedang dibupatian ku Dalem Adipati Soerianagara.

Ku bisluit 1 Juli 1809 keneh, dileler gelaran Adipati, para Regent Bogor, Tegal, Lasem jeung Bangil, nya kitu deui regen kahiji Japara jeung Regen kadua Surabaya, kusabab eta Raden Adipati Soerialaga. 

Ku putusan Pamarentah (resolutie) 7 September 1809 Raden Somanagara, putra Bupati Sumedang, Houpkumetir kopi kabupaten Sumedang, dileler gelar Aria.  

Ku bisluit 21 April 1810, putra Bupati Bogor Adipati Soerialaga : Raden Soerialegawa dileler gelaran Aria.

Ku lantaran aya jalan anyar beunang ngahadean jeung ngagedean tea, dayeuh Bandung dipindahkeun ti Dayeuh Kolot ka sisi jalan gede lebah sisi Cikapundung, ari dayeuh Parakanmuncang dipindahkeun ka kampung Anawedak. Bareng jeung dipindahkeunana eta dua dayeuh dina sabisluit keneh tanggal 25 September 1810 diangkat kana Patih Parakanmuncang Raden Soeria (Suria), Patinggi Cipacing ngaganti Raden Wirakoeseoemah, nu dilirenkeun lantaran kurang cakep jeung kedul.

Dina taun 1811 nagara Walanda dijieun bawahan Frankrijk (Parasman), jeung tanah Hindia jadi jajahan tanah Parasman, sarta dina tanggal 16 Mei 1811 tuan Besar Gupernur Jendral Maarschalk Mr. Herman Willem Daendels papasrahan mulih ka Eropa, lantaran disaur ku Keizer Napoleon, Raja Parasman. Samemeh tuan Besar  Daendels nu katelah tuan Besar Guntur (bawaning ku barangasan), nilar pulo Jawa ku bisluit tanggal 2 Maart 1811, ngadamel heula aturan anyar, nya eta kabupaten Limbangan jeung Sukapura diburak, wewengkonna dibagikeun jeung ditambahkeun ka 4 kabupaten : Cianjur, Sumedang, Bandung, Parakanmuncang.

Bupati Limbangan harita Raden Tumenggung Wangsakoesoemah, nu diangkat ku Surat Pamarentah tanggal 9 April 1805, kakasih keur murangkalih Raden Arwa, diangkat kana Bupati Limbangan tacan sawawa diaping sarta bakal ngagentos eyangna Raden Adipati Wangsaredja, jujuluk Raden Tumenggung Wangsaredja, ngan dina tanggal 23 November 1808 mundut dilandi Raden Tumenggung Wangsakoeseoemah, ngalap jenengan rama nu ngasta Kabupaten Limbangan mung 8 sasih.

Bupati Sukapura nu dipansiun 400 real sataun, sarta kaidinan linggih di Sukapura, ngan teu kenging damel naon-naon tina hal aturan Nagara, nya nu jenengan Raden Tumenggung Wiradadaha, angkatan kana Bupati Sukapura tina Raden Demang Anggadipa, teu lami dina waktu ramana Raden Adipati Wiratanoebaja I pupus dina tanggal 30 December 1807. Nu saban taun kapapancenan mayaran pansiun nu dua bupati tea, nya eta Bupati Cianjur 40 real, Bupati Sumedang 330 real, Bupati Bandung 250 real Bupati Parakanmuncang 180 real, jumlah keur pansiun duaan teh 800 real.

Sanajan Sumedang leungit wewengkon basisir oge, nyaeta Krawang, tapi nu jadi Bupati Krawang harita Bupati Bogor Raden Adipati Soerialaga dialihkeun ka Krawang sarta bakal dipiwarang nyusuk walungan Citarum nepi ka Cikao jeung padaleman kabupaten Krawang teh harita pernahna di Kandanghaur, nurutkeun bisluit tanggal 8 Maart 1811.  Demi pangna wewengkon Krawang diatur kieu, lantaran Sumedang lega teuing bawahanana, teu kasiwer, jadi tempat panyumputan kapala barandal nu ngaran Bagus Rangin.

Ieu aturan tuan Gupernur Jendral Daendels teu lila, sabab dina tanggal 18 September 1811 keneh, pulo Jawa dijabel ku Inggris nu ngalindih Pamarentah Parasman di dieu. Nu jadi Gupernur Jendralna harita, gaganti tuan Daendels nya eta tuan Besar Jan Willem Janssens. Jendral perang  Keizer Napoleon, dibarengan ti Eropa ku Jendral Jumel, nu dicalonkeun pikeun jadi Kapala Balatantara tanah Hindia (Legercommandant).

Dina tanggal 4 Augustus 1811 ka palabuan Batawi, kiwari mah lebah Pasar-ikan, datang armada Inggris anu rek ngarurug, aya kira-kira 100 kapal perang, nu diluluguan ku Gupernur Jendral Hindustan (Hindia Inggris) di Banggala, disarengan ku Jendral Auchmity, nu jadi senapati jeung ku Kolonel Gillespie, diiring ku hiji amtenar Inggris nu jenengan Thomas Stamford Raffles. Nya anjeunna pisan nu sasatna meredih ka tuan Besar Lord Minto oge, supaya pulo Jawa ku Inggris dijabel teh. Ku sabab eta anjeunna pisana nu diangkat jadi tuan Besar di pulo Jawa, jadi patakana pamarentah Inggris didieu, kalawan dibantu ku hiji rengrengan (Raadvan Indie) Hindia, nu elid-elidna: 1. Kolonell Gillespie jeung 2 urang Walanda nyaeta tuan Cranssen jeung tuan Muntinghe. Pangkatna tuan Besar Raffles teh disebut Lieutenant Gouverneur: urang sebut Leknan Gupernur tanah Jawa.

Sakumaha nu ditulis dina serat undang-undang Gupernemen Inggris, nu disebut “Proceedings” tanggal 23 November 1811 di karaton Bogor ku tuan Besar Raffles diayakeun pasamoan para Bupatii tanah Jakarta  Preanger - Regent schappen dina poe Salasa tanggal 13 November 1811, nampi sumpah kasatiaan para Bupati ka raja kalawan Gouvernement Inggris, sarta maparinkeun surat pangangken papurba kukakawasaan Inggris. Ieu pasamoan dipestakeun, dipestakeun make nyeungeut mariem sagala, disebutna “openbare receptie”.

Para Bupati harita nu ngaluuhan, nyaeta :
1. Bupati Cianjur Kyai Adipati Wiratanoedatar
2. Bupati Bandung Adipati Wira Nata Koesoema
3. Bupati Parakanmuncang Tumenggung Adiwidjaja
4. Bupati Limbangan Tumenggung Wangsakoesoemah
5. Bupati Sukapura Tumenggung Wiradadaha
6. Bupati Sumedang Adipati Soerianagara

Ari pangageng bangsa Eropa ku Pamarentah Inggris diatur kieu di Bogor Landdrost (Residen) tuan Hartsinck; di Cianjur Commissaris tuan Couperus, di Bandung Commissaris tuan Tency.

Dina surat tanggal 9 Januari 1812, tuan Besar Raffles nimbalan tuan Couperus, Komisaris di Cianjur, supaya ngumpulkeun 500 prajurit ti kabupaten Cianjur nu diluluguan ku Bupatina, iangkeuneun ka Krawang pikeun nempuh barandal nu diluluguan ku Bagus Rangin. Amtenar Eropa anu jadi Kapala di Krawang harita, tuan Tency jeung tuan Offers. Komisaris jeung Landdrost pangkatna.

Sajaba ti anu 500 prajurit urang Cianjur nu nempuh balad Bagus Rangin teh, nya barisan (soldadu) Pangeran Prangwadana (Mangkunegara) Solo, anu dikumendir ku dua pangeran, nyaeta Pangeran Majoor (Mayor) Soerianagara jeung Soeriadipoera.

Bupati Krawang oge nu disebut Regen Kandanghaur, nya Dalem Adipati Soerialaga sabaladna kacida gede jasana sarta oge kungsi prung tarung di tetelar Bantarjati keneh bae dina tanggal 16 nepi ka tanggal 29 Februari 1812 jeung balad Bagus Rangin, sarta harita perangna Bagus kateter, ngan manehna henteu katangkep ku Dalem Adipati Soerialaga, bisa keneh ngejat ka bawahan Cirebon. Batur Bagus Rangin anu kasambut dina ieu perang aya 87 jiwa, dua kapalana jeung anu kaboyong aya 227 tia ntarana aya 30 jalma anu biluk pisan ka Bagus Rangin. Katambah ku 776 awewe jeung budak anu katewak, nu salakina jeung bapa barudak nu milu ngaraman. Pakarang anu beunang 23 bedil, 19 tumbak, 27 kolewang atawa bedog jeung 3 keris, ti dinya Payung-agung Bagus Rangin jeung parabot wayang sapuratina nu milu karampas teh. Kulantaran jasana sarta wawanen Dalem Adipati Soerialaga, ti pamarentah Inggris diganjar hiji bedil pamoroan anu alus pisan, beunang nyieun urang Inggris ku maneh.

Nurutkeun daptar papariksaan, Bagus Rangin dina proceedings tanggal 22 Juli 1812, pangakuanana sorangan, katangkepna Bagus Rangin teh di kampung Panongan (di jero kabupaten Majalengka) bawahan Tumenggung Rajagaluh-Sindangkasih, ditewakna ku Bupati (patih) eta kabupaten nu kakasihna Raksajoeda, dibantuan ku mantri Sultan Kanoman Djajagana jeung saurang pagawe pulisi wasta Ranadewangoe.

Ceuk pangakuan Bagus Rangin, manehanana leuwih ti 6 1/2 taun jadi kapala barandal nepi kana waktu katangkep di Panongan dina tanggal 27 Juni 1812. Malah waktu perang di Panongan jeung Bantarjati oge dina taun jeung prajurit Bupati Sumedang jeung Cirebon, nya Bagus rangin gegdugna, baladna aya kira-kira 280 atawa 300 jalma lalaki nu barisa perang, pakarangna jaba titumbak, gobang, bedog jeung keris teh, bedil sarta nepi ka mawa mariem kalangtaka. Prajurit Sumedang jeung Cirebon nu harita (1806) kaboyong aya 25 jalma. Kabehanana ku Bagus Rangin dititah ditugel sirahna ku si Kadim urang Sumedang jeung si Rawu urang Sukawana.

Kampung-kampung nu ngabayuan Bagus Rangin mere tedana baladna, nyaeta Benawangkulon, Malandang, Tonggeang, Cililin, Depok, Selaawi, Sukasari jst. Ari kuwu –kuwu anu biluk keneh ka Bagus Rangin ti kampung Batununggal, Tegal, Bentang, Gerudu, Cinaka, Tanggulun, Tambal, Ayer jst. Nu ku balad Bagus Rangin diruksak jeung diranjah nya Cibingbin, 80 munding nu dipaling, kapalana dipaehan. Waktu katangkep, kapala barandal keneh ka Bagus Rangin aya 11 urang, nu ngabogaan pakarang 170 bedil jeung 52 kati obat.

Ku pamarentah Inggris, wewengkon-wewengkon kabupaten Krawang, Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan, Sukapura, Parakanmuncang jeung Galuh ku bisluit tanggal 16 Februari 1813 diatur deui. Tanah kabupaten Krawang, lantaran rek dijual dijieun tanah partikulir, ku Pamarentah kaanggap teu perlu diayaan Regen.

Bupati Krawang Raden Adipati Soerialaga II dialihkeun ka Sukapura, ari Bupati di dinya Raden Tumenggung Wiradadaha dipansiun. Kabupaten Parakanmuncang diburak, dileungitkeun sama sakali.  Bupatina Raden Tumenggung Adiwidjaja dialihkeun ka Limbangan, dayeuh Garut, nu kakarapisan diadegkeun, pernahna di cutak Suci, nu satadina kabawah ku Sukapura; Bupati Limbangan Tumenggung Wangsakoesoemah dipansiun.

Regen nu dilirenkeun, nu katiluna Bupati Galuh Raden Tumenggung Djajengpati(Jayengpati), saurangna 600 real sataun, ieu pansiun kudu dibayar ku Bupati Sukapura jeung Bupati Sumedang 800 real, jadi 400 real sewang; ku Bupati Limbangan jeung Bupati Bandung 1000 real, saurangna kapapancenan 500 real. Cutak Pagerageung kabawahna ku Sumedang ti semet taun 1813.

Bupati Cianjur Dalem Adipati Wira Tanoe Datar (Dalem Enoh), nu dina buku-buku babad Sumedang kamashurkeun pisan, miasih ka Dalem Sumedang Adipati Soerianagara, nalika mantenna di Cianjur, dina poe Jumaah tanggal 2 April 1813 pupus, nilar tilu putra pameget. Nu pangsepuhna Raden Aria Wiranagara, kakoncara gangas, nelahna mah Aria Cikalong; ari nu panengah Raden Aria Natanagara, nu sabada munggah haji jeneganana Haji Muhamad Tabri. Ari nu pangbureyna putra Dalem Dipati Enoh teh Aom Abas, waktu ditilar ku rama murangkalih yuswa lima taun.

Para putra Dalem Wira Tanoe Datar (Enoh) teu aya anu kamanah ku Pamarentah Inggris, kusabab eta nu diangkatkana Bupati Cianjur ngagentos Dalem Dipati Enoh, Patih Cianjur, Raden Wiradiredja kalawan nampi gelaran Tumenggung, ku bisluit Pamarentah tanggal 18 April 1813. Satampina surat angkatan, mantenna gentos jenengan jadi Raden Tumenggung Prawiradiredja.

Ku bisluit Pamarentah Inggris (Proceedings) tanggal 28 October 1814, Bupati Sukapura Raden Adipati Soerialaga II, mundut liren lantaran rugel tina ngepak ngala remis, neangan mutiara di Sagara Anakan deukeut Nusa Kambangan, terus anjeunna mulih ka Sumedang, ka bali geusan ngajadi, kalawan dipaparin ti Pamarentah, panukang 100 kuren sarta kaidinan miara gulang-gulang keur upacara nu jadi Bupati pansiun, ti kabupaten Sumedang, laju anjeunna bumen-bumen di kampung Talun, nu matak nelah “Dalem Talun” nepi ka kiwari.

Raden Tumenggung Wiradadaha, Bupati Sukapura pansiun, ku bisluit tanggal 28 October 1814 diangkat deui kana Bupati Sukapura sarta tetep ngagem jenengan jeung gelaran Raden Tumenggung Wiradadaha.

Tanah Priangan jeung Galuh dibawah ku Karesidenan Bogor, harita Residenna tuan Macqoid, nu dina tanggal 10 October 1815 di Bogor, ngalih ka Wanayasa. Ari para Regen nu kaparentah Bupati Bogor (Kampung Baru): Raden Adipati Wiranata, Bupati Cianjur: Raden Tumenggung Prawiradiredja, Bupati Bandung: Raden Adipati Wira Nata Koesoema, Bupati Sumedang: Raden Adipati Soerianagara; Bupati Galuh (Ciamis) : Raden Tumenggung Wiradikoesoemah, Bupati Sukapura: Raden Tumenggung Wiradadaha, Bupati Limbangan: Raden Tumenggung Adiwidjaja, di Krawang acan aya Bupati, ngan Patih apdeling bae Raden Sastradipoera.

Dina taun 1816 tuan Besar Raffles nampi warti bakal digentos ku tuan Besar John Fendall jadi Leknan Gupernur pulo Jawa, nya teras ngabagikeun rupa-rupa gelaran ka para menak pribumi, ku maparin surat akte dina tanggal 1 Maart 1816, kayaning ka Bupati Limbangan Tumenggung Adiwidjaja gelaran Adipati, ka kapala Cutak Cipicung Raden Aria Somanagara gelaran Tumenggung. Putra Bupati Sumedang pameget nu ngan dua-duana teh, duanana ku tuan Besar Raflles diganjar. Bupati Cianjur Tumenggung Prawiradiredja nampi gelaran Adipati, Kapala Cutak Wanayasa Raden Anggadikoesoema diganjar gelaran Aria jadi Raden Aria Soeriadikara, kabeh titimangsa angkatan tanggal 1 Maart 1816 bae.

Perjangjian tanggal 13 Augustus 1814 di kota London tea, Inggris bakal mulangkeun bawahan walanda, kakara kacumponan dina 19 Augustus 1816. Nya harita bandera Walanda, nu tilu warna teh ngelebet deui di kota Batawi sanggeus ieu dayeuh tanah Hindia jeung kakawasaan Pamarentah Inggris ku tuan Besar Leknan-Gupernur pulo Jawa John Fendall dipasrahkeun ka Commissarissen-Generaalti Nagara Walanda, nyaeta tuan Besar Mr. C.Th. Elout, G.A.G.Ph. Baron van der Capellen jeung tuan Besar A.A. Buisjkes, nu sarumping kadieu dina tanggal 26 April jeung 11 Mei 1816. Ari tuan Besar Raffles nilar pulo Jawa dina tanggal 8 Maart 1816, terus jadi Gupernur di Bangkaulu (Benkoelen).

Sanajan kakawasaan C.C.G.G. tacan katampi oge, Residen Priangan tuan P.W.L. van Motmanenggeus diangkat ku bisluit tanggal 3 Augustus 1816, sarta dina tanggal 25 October 1816 ti Wanayasa tuan Residen van Motman nyanggakeun laporan ka Pamarentah Walanda nu anyar, tina hal kaayaan Karesidenan Priangan jeung Krawang di bawah parentahan Inggris sarta tina perkara kabupaten Sumedang, kieu unjukanana :
"Kabupaten Sumedang cangkinganana aya 15 distrik nyaeta: Balubur, Andawadak, Depok, Malandang, Conggeang, Darmaraja, Darmawangi, Pawenang, Malangbong, Ciawi, Pagerageung, Rajapolah, Indihiang, Cicariang jeung Singaparna diparentah ku Bupati Adipati Soerianagara, nu waktu ieu pangsepuhna sarta pangluhurna dina kapangkatanana sawewengkon karesidenan Priangan, anjeunna teh luar biasa pinterna sarta kacida satia tuhuna ka Gupernemen Walanda. Ieu kabupaten  diurusna kalawan geten tulaten pisan meh beunang disebutkeun pangamanna jeung meh euweuh panjahat, ku lantaran anjeunna sering ngeprik kapala leutik, sangkan getol digawena nohonan kawajibanana.  Anjeunna teh hiji Bupati nu sae manah, sareh sarta adil, bengis dina dines Gupernemen, abdi-abdi pada wedi asih lantaran tara nyusahkeun ka somah, kersana pamarentah kudu diturut nu hade pikeun maranehanana."
Kagungan putra pameget dua, nu pangsepuhna geus jumeneng Bupati di Limbangan, putra nu anom jadi wawakil ramadi Sumedang, gelaranana Tumenggung, nya eta Raden Tumenggung Somanagara. Ari putra pangsepuhna tea jenengan Raden Adipati Adiwidjaja, Bupati Limbangan nungabawah 6 distrik, nyaeta: Wanakerta, Wanaraja, Suci,  Panembong, Sudalarang jeung  Pasanggrahan.

Bupati Sukapura Raden Tumenggung Wiradadaha ka Regen Sumedang kapernah mertua sarta distrik-disrik nu katarik ka Kabupaten Sukapura aya 14: Cidamar, Kandangwesi, Nagara, Karang, Parung, Mandala jeung Cikembulan di pakidulan, beulah kaler distrik Batuwangi, Taraju, Balubur, Pasirpanjang, Janggala, Kawasen jeung Selacau.

Kabupaten-kabupaten anu kabawah ku Residen Priangan teh, nyaeta Kabupaten Cianjur anu dibupatian ku Dalem Adipati Prawiradiredja sarta distrikna ngan aya tilu. Balubur (troep atawa kacamatan Cibeureum, Peser, Cipoko, Cikondang, Cilaku, Cibalagung jeung Maleber), da ari Cikalong mah apan tanah partikulir kagungan putra-putra Dalem Adipati  Wira TanoeDatar (Enoh), tanah tuan N. Engelhard jeung tuan A. de Wilde nyaeta distrik Gunungparang, Ciheulang jeung Cicurug. Distrik-distrik Kabupaten Cianjur anu dua deui, nyaeta Jampangkulon jeung Jampangwetan.

Distrik-distrik nu jadi wewengkon Bandung aya 15: Bayabang, Rajamandala, Cilokotot, Balubur, Cicalengka,Limbangan, Cipeujeuh, Manabaya, Leles, Tarogong,  Banjaran, Cisondari, Kopo, Rongga jeung Cihea.

Ayeuna kakocapkeun perang di Desa Lobener bawahan Indramayu. Dina tanggal 8 December 1816 nyebar beja yen jalma-jalma urang Krawang, Ciasem jeung Pamanukan reana aya 2500 lalaki anu samakta marawa pakarang, boga niat ka Nagara arek baha, nyieun karusuhan nu diluluguan kubudak ngora ngaran Bagus Jabin umur kira-kira 16 taun, anak Bagus Sanda, dulur misan Bagus Rangin nu neruskeun jadi kapala rampog. Ku jalma-jalma nu niat ngaraman, eta bagus Jabin diaranggap sakti.

Kapala-kapala rampog kabeh barayana Bagus Jabin; anu marilu nyaeta Bagus Bulun, Bagus Wangsa, Bagus Asidin, Bagus Brata, Tjandrawidjaja (Candrawijaya) jeung Taluk di dusun Lobener sisi walungan  Cimanuk beulah kulon geus ngumpul sarta taki-taki pisan, arek ngalawan upama ku soldadu jeung pulisi gupernemen ditempuh. Remen barandal nu keur ngumpul di Lobener-kulon didatangan ku utusan ti tuan residen Cirebon nu dijurungkeun mariksa naon sababna pangarek baha ka Nagara, sarta sina meper ulah ngalawan ka Gupernemen make pakarang, leuwih hade sadrah masrahkeun maneh ka pulisi ku jalan babadamian.  Jawaban ti barandal henteu puguh, anu tangtu mah pang baha ka Nagara kulantaran beurat teuing papancen jeung ngarasa diteungteuinganan, sarta loba jepit ku kapala-kapala desa jeung tukang ngepak Tionghoa.

Dina tanggal 9 December 1816, ieu barandal geus ngaranjah kota Kandanghaur, ngarampasan rajakaya urang dayeuh, jelemanadipahala diusiran sina mabur, rea nu mubus nyingkiran bahla barandal, geus teutolih kana banda.

Anu jadi pangagung Nagara, babakuna tuan Residen Cirebon (tuan Servatius) ngaraos jengkel kabina-bina tina barandal teu beunang dipeper, diajak badami, nya dina tanggal 19 December diparentah deui panganggeusan, supaya nu jadi ulon-ulonna masrahkeun maneh ka pulisi, sarta dimana teu daek nurut, bakal ditangkep make jalan kakerasan. Barandal nanduk teu daekeun taluk, nya  dina tanggal 20 December 1816 mimiti ku militer jeung pulisi ditarajang diperangan, nu daratangna ti opat madhab, nyaeta ti Indramayu, ti Ujung, ti Losarang jeung ti Lobener-wetan.

Militer jeung pulisi anu ngambreg ti Indramayu kurang kuat, kapaksa mundur, atuh barandal teh ngangseg ka beulah kaler-kulon, nuju ka dayeuh Indramayu. Ngan hadena kaburu burudul balad Priangan nu diluluguan ku tuan residen W.C. van Motman ku anjeun, nu sumpingna ti Wanayasa ka Lobener-kulon, jolna ti Losarang sarta dibantu ku dua Bupati Priangan anu jadi Kapala-perang, nyaeta Bupati Sumedang Adipati Soerianagara sareng putrana anu pangbarepna Bupati Limbangan Adipati Adiwidjaja.

Barang amprok oge jeung musuh, nya eta barandal nu dikapalaan ku Bagus Jabin tea, geus teu antaparah deui, der bae perang campuh pohara pisan. lila-lila barandal ka deseh ku balad Priangan, terus disedekkeun ka sisi walungan Cimanuk. Barandal anu meuntas ka beulah wetan kapegat ku balad Residen Cirebon, nu dibantu ku 160 soldadu detachement ti Samarang sarta ku balad Bupati Bengawan Wetan, Adipati Nitidiningrat. Barandal ku balad Gupernemen ti Priangan jeung ti Cirebon katingker sama sakali, moal aya 25 rampog nu bisa lolos mabur ka kidul.

Hanca bagean ka 3

Tidak ada komentar