Catur Rangga: Wangsit Siliwangi Nu Lengkep
Urang kocapkeun deui Raja, ceuk Inyana : Batur-batur, dulur-dulur. kabeh sanak jeung sakabeh kadang. Darengekeun! Seja ngaing teh eudeuk nyabrang, mawa dia kabehan ka Nusa Larang, deuk ngadeukkeun deui dayeuh tengah sagara. Tapi eta laut ngadak-ngadak caah motah kabina-bina! Lengser! Naon eta teh kila-kilana? Boa-boa urang teh dicaram nyabrang, mudu marulang deui meureun, pikeun nantang musuh makalangan deui, kitu tah Lengser?
Ceuk Si Lengser : Gusti! geuning heueuh ayeuna mah tetela jasa, itu geuning natrat dina urat ombak dituliskeun dina buih lalakon urang teh, ngan datang kalebah dieu. Urang kabeh di caram, hanteu meunang nyabrang ka Nusa Larang, lain nyabrang urang anu dilarang, tapi urang cicing di Nusa Larang. Sabab, tah dengekeun tah! ceuk gaur ombak neumbragan karang, ceuk guruh angin di tengah laut, baruk engke jaga eta Nusa teh bakal dibogaan deungeun jadi pikeun nu perang!
Ceuk Raja : Lengser kumaha atuh ?
Ceuk Si Lengser : Teu kumaaaaaaaaaha, geus kieu meureun muduna, saha anu bisa mumpang papasten, sabab papasten teh nyaeta wates, wates jaya wates apes, wates hirup di alam hirup, wates paeh di alam paeh, wates paeh di alam hirup, wates hirup di alam paeh..!
Ceuk Raja : Aduh Lengseeeeer …!
Ceuk kabehan urang Pajajaran, sakabeh dibarengkeun : Aduuuuhh …… Huhuh …!
Gauk kabehan pada ceurik sakarep sewan sakarep sewang, saka bisa inyana saka bisa sewang-sewangan, da puguh jaman harita mah euweuh aturan ti Nagara, anu mudukeun kumaha muduna ceurik.
Tapi sanajan aturan kitu, euweuh aturan ti Nagara, aya ceurik, anu hanteu meunang diantep bae, nyaeta, kahiji ceurik sabari maledogan kenteng tatangga, kadua ceurik menta dibalikan deui ku popotongan.
Laju ceuk Raja ka sakabeh anu ceurik : Lalakon urang, ngan datang ka powe ieu!, najan dia kabehan ka ngaing pada satiya, tapi ngaing teu meunang mawa dia kabehan, kabawa-bawa ngilu hirup jadi balangsak, ngarilu rudin bari lalapar !
Dia ayeuna mudu marilih, anu hade pikeun dia sewang-sewang hirup kahareupna. Ambeh bisa deui harirup bari jembar senang sugih mukti, ambeh bisa deui ngadeugkeun deui Pajajaran anu hudang ku panasaran. Tapi napak deui uga, lain Pajajaran cara kiwari, tapi Pajajaran Tengah nu Anyar, nu ngadegna, digeuingkeun ku obahna jaman !
Ayeuna dia mudu marilih, ngaing nu nitah! Sabab pikeun ngaing hanteu pantes jadi Raja, ari somah sakabeh, lapar bae jeung balangsak, sagala hese sagala euweuh …!
Darengekeun! pilih! Ngaing moal ngahalang sabab ngaing anu nitah milih, anu eudeuk ngilu bae ka ngaing, geura misah ka beulah kidul, anu hayang mulang deui ka dayeuh panineungan geura misah ka beulah kaler, ayeuna darengekeun sakur anu seja eudeuk kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan. Ngaing hanteu nyaram, anu moal ngilu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon …!
Ladju pada marisah, marisah sabari ceurik, malah aya anu ceurik, sabari atoh. Tapi panglobana mah, anu ceurik sabari sedih nu enya-enya, da enja sedih, sedih di hate tembus di sukma, sabab kapeurih sesedih arinyana, ngan nyeuri nyeunyeuri sukma, tapi raga teu walakaya hayang bebela, melaan Raja jeung nagara, melaan Pajajaran jeung bangsana, nu runtang ku ganti jamana …!
Pabaliyutna mararisah, nu marisah ka beulah kaler, nu marisah ka beulah kulon, nu marisah ka beulah kidul. Heung nu marisah ka beulah wetan! anu pangkedikna. Anu marisah ka beulah kaler! anu panglobana, anu marisah ka beulah kidul anu pangaratohna, anu marisah ka beulah wetan, aratohna? Sabab dijaman anu ngaliwat, basa arinyana jaradi pangkat, ku Raja hanteu ka pake, ku somah teu dipikaresep, ari gawe diurut musuh mah.
Sugan baeee, da musuh geh musuh Raja, musuh somah Pajajaran anu sapikiran eujeung Raja, apan ari arinyana mah, jaradi musuh teh ngan sakur pipilueun. Sugan baee ari kumawula ka urut musuh mah, boga deui pangkat anu leuwih luhur, leuwih kawasa leuwih senang, leuwih babari nyiar kabeungharan, loba anu aratoh ngabadega ka urut musuh, heunteu loba, sakedik, tapi mahi pikeun engke jaga nyunyusah bangsa Sunda, jaradi gara-gara, sina Sunda pagirang-girang tampiyan …!
Kumaha Si Lengser? Inyana hanteu misah tapi ngajentul di tengah tegalan!
Ceuk Raja : Lengser! ka mana dia eudeuk misah?
Ceuk Si Lengser : Kaula mah euweuh piliheun …!
Ceuk Raja : Anu anggeus mararisah, sewang-sewang ngaradegkeun tilu kolot! laju marilih kolot, saban rombongan tilu kolot..!
Laju ceuk Raja, katilu kolot nu beulah wetan : Dia heula kadieu, sing parek, darengekeun! masing nyaraho, kajayaan milu jeung dia, Rawayan jeung dia, engkena bakal marentah, jaradi pangkat di tanah Sunda. Arinyana baris kamalinaan! diburitna baris keuna babales. Jig, geura narindak! nu di tegalan di beulah wetan laju narindak, narindak ka beulah wetan dina seja rek ka mawula. Tapi karep, eudeuk marentah, deuk marentah pada Sunda, tapi paroho baris dibales ku urang Sunda.. !
Ceuk Raja katilu kokolot ti beulah kulon : Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engke jaga, Rawayan dia mudu jaradi panggeuing, ka batur batur urut salembur, la dulur dulur anu baheula, nyorang saayunan eudjeung dia jeung ka sakabeh Bangsa Sunda rancage hate !
Engke jaga amun tengah peuting ti Gunung Halimun, ku arinyana kadenge sora nu tutulungan, ku arinyana kadenge sora nu tutulungan. Tah eta tanda nu teu sulaya, Gunung Sunda baris dicengkal deui! Tapi Gunung Kuta, sapaliheun jeung gunung Kutu.
Ku jelema ngaku-ngaku urang Sunda, anu kamalinaan dina keur sasar mamaksa sina Uga ngawaruga samemeh waktuna! Ulah rawayan dia beunang sasambat! Tapi memang arinyana baris ka padaya heula, antaran leungiteun haneuleum, hanteu aringet deui, waktuna saenyana lebak cawene, jadi enggon pindah pangawinan, dibalabarkeun heula dina waktuna janari gede, rame sora tutulungan ti gunung lampung, laju ti gunung Halimun, kadenge sora gogoongan !
Darengekeun! amun engke ti ki hara papak datang beja budak angon geus sisingkil, rawayan dia geus mudu sasaji pikeun nindak! Ulah sina talangke, sabab talaga bakal baredah, lantaran monyet-monyet embung parindah! Jig geura narindak! anu sasadiya ti tegalam beulah kulon laju narindak, narindak maju ka kulon!
Darengekeun! masing nyaraho ku dia, moal kasampak dayeuh amu diseja, rawayan dia, lobana bakal hirup jaradi somah, amun aya anu jeneng jadi pangkat, bakal luhur pangkat inyana, Tapi hanteu boga kakawasaan, arinyana bakal diaradukeun, diaradukeun ku urang wetan, sina maseyaan urang wetan, sina maseyaan urang kulon, dipaseyaan ku urang kaler, dipaseyaan Sunda ti kaler, dipaseyaan Sunda ti wetan! Lawan! Sina ngaralawan! sabab Pajajaran Tengah, baris mudu ngajajar deui di tengah-tengah.
Sakabeh teureuh dayeuh rawayan dia, moal aya anu beunghar lantaran bener, moal aya anu jembar lantaran hade, najan leuwih loba pangabisa, najan unggul pangaweruh, hanteu arinyana diajenan ku Sunda sejen! Sabab anu ngahaharuwan, pada sirik lantaran bodo, sariyeun kaelehkeun dina pangaruh! Keun bae! Engke oge datang waktuna, rawayan dia baris jaradi lulugu, ngaharudangkeun bangsa Sunda anu harees bae kaheesan, bari diyuk kangeunahan. Sakabeh rawayan dia, ku Kaula bakal dihalang! tapi ngan anu harade dilampah jeung harade dina sinembah!
Sinembah arinyana mah, deuk kumaha deuk saha ogeh, ari sinembah nyumerep sukma mah, moal jadi bahan kaula milih asih, sabab ceuk sakabeh anu sinembah, sinembah anu kumaha ogeh anu ku arinyana disembah dipunjung-pundjung, teh apanan anu ngan sahiji, anu dina basa urang disebut anu Nunggal, nyaeta anu ngan sahiji dina wujud, anu nunggal dina wujud, tapi dibedakeun ku sebutan dina basa nu beda-beda!
Kaula bakal datang ngalanglang, pikeun nulungan nu barutuh, pikeun mantuwan anu sarusah, tapi ngan sakur anu Sunda di Pajajaran, nari Pajajaran anu Sunda jeung narunda dina sukma, di waktu kaula datang ngalanglang, kaula datang hanteu ka deuleu, amun kaula nyarita, sakur anu ngaku-ngaku kadatangan kaula, jeung majarkeun inyana neuleu kaula atawa ngadenge kaula nyarita, masing dinyaraho jelema kitu teh jelema sasar maju ka edan, bisa oge inyana teh kadatangan, tapi ku sukma anu ngaku-ngaku ceunah kaula, masing dia nyaraho, jelema kitu teh kasandingan nu nyiliwuri! Kaula datang, teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi ..!
Kitu oge ngan ka arinyana, anu geus rancage dina hate eujeung weruh dina semu anu saestu, bari ngarti dina wangi nu sajati, eujeung pikir surti lantip, dina lampah anu hade …! Regepkeun! mimiti ti powe ieu, powe katujuh bulan ka tujuh dina tahun ka 57 kaula jadi Raja di Pajajaran. Mimiti ti powe ieu, Pajajaran pindah jagat pindah alam, pindah ka djagat papantunan pikeun langgeng hirup jero alam panineungan …! Pajajaran leungit ti jagat kajayaan, leungit dayeuhna, leungit ngaran Nagarana, leungit ka basa-basana …! leungit basana mawa leungit ka bangsa bangsana …!
Pajajaran undur tina panggung Kaagungan, nalasan alas panghiyaman, tapi dina nindak pindah jaman. Pajajaran moal ninggalkeun lacak sejen ti ngaran pikeun nu mapay, sabab bukti-bukti nu kari oge bakal dipararungkir dimarusnahkeun. Tapi engke jaga bakal aya nu nyariar nyaroba-nyoba sugan ka guar, harayang nimu anu geus leungit, nya hanteu loba anu kapanggih jeung tina loba anu kapanggih. Loba jasa anu teu kaharti, sabab dihartieun ku arinyana anu teu ngarti, tapi harayang disarebut loba pangarti. Tapi arinyana mah teu dipercaya, sabab ku nu arieu ngaing pinter tapi barodo, carita arinyana anu bener dipajarkeun mangmenangkeun Pajajaran, loba anu nyararoba harayang muka rahasiahna Pajajaran, tapi moal eudeuk kabaruka sabab tulakna, pageuh dikeukeuweuk Budak Angon anu imah injana di birit leuwi dipantowan batu satangtung kasiyeuman ku haneuleum, kakalangkangan ku handjuang, sabab acan waktuna pikeun ngalalakonkeun Pajajaran ngamuk ngarakrak panggung!
Beuki loba anu maruruh tambah loba anu katimu tapi sabagiyan-sabagiayan, anu beuki bae hanteu kaharti da salalah njambung njambungkeun. Acak-acakan ngajamkeunnana jeung dina maluruh harayang marapay bari diharuwapan. Mapay lacak Pajajaran mah mudu bari rubak amparan jeung mudu araredan heula ngarilu edan-edanan dina jaman sagala edan, da ngan ti nu keur edan, tembong natrat ka hanteu bener teh. Anu dina nyarukcuk bari nyaksrak hanteu pipilueun eedanan, ngan arinyana anu diluluguwan Budak Angon, sabab ngan inyana anu weruh disemuna bari nyaho dijogona. Da inyana mah lain ngangon kebo disampalan, lain ngangon badak di alas tangtu, tapi kalakay nu pabalatak hanteu dirawat di patilasan-patilasan teu puguh ngaran. Loba anu katimu ku arinyana tapi loba anu ku arinyana disumputkeun heula, sabab acan waktuna mudu dicaritakeun najan geus raraong mararenta dilalakonkeun …!
Sabab budak angon mah nyaho dina mangsa anu baris datang baris ti jelema-jelema caropot kedok rahasiah mararuka sorangan, da ngan inyana anu nyaho lalakon na bari tenget. Ka sakur nu di jaman edan araredan pada-pada keur ngalalakon dina panggung sarwa sulaya. Tah eta budak angon nu eta anu engke jaga baris murwa lalakon anu saestu na bari ngajajarkeun deui Pajajaran tengah-tengah jaman bangsa Sunda ngalaleungitkeun jiwa Sunda, tapi mudu ngalaman heula loba lalakon anggeus nyorang undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon heubeulna, saban jaman anu datang pilih gantian saruwa jeung waktunana giliran daratang sukma anu mudu nyukma, ngusumah, eujeung nitis, eujeung waktunaan raga dipindah sukma.
Darengekeun! nu kiwari ngamarusuhan urang jaradina Raja teh ngan baris datang ka waktuna, tanah bugeul sisi Cibanten dijieun kandang kebo dongkol. Tah mimitian ti lebah dinya sakabeh Nagara nu araya baris jadi sampalan, sampalan kebo anu barule nu diangon ku jelema jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita sakabeh Raja dibeleng ditaliyan ku kembang cengkeh, dibeungkeut ku buah pedes, aya Raja-raja anu katalian ku jangji sorangan, aya Raja-raja anu ka balenggu sabab ka tipu, aya Raja-raja anu ka talikung sabab ngilu-ngilu ulubiung !
Geus kitu, laju kebo bule nyekeul bubuntut bangsa urang narik wuluku, ngan hanteu karasa marudu narik, sabab murah jamang seubeuh hakan. Geus kitu, incu-incu kebo bule anu hararideung bari peta eujeung rupa teu beda kunyuk-kunyuk di Gunung Nyungcung, rasa arinyana leuwih ti munding ti kebo bule, laju ngaragolan bangsa urang narumpakan wuluku dina pasangan, bangsa urang laju lilir bari eungeuh jaradi badega dijieun kebo, tapi hanteu kaburu marudah sabab ti kaler eujeung ti kulon datang manten monyet-monyet pararengkeh ngabuburak kebo bule ti sampalan!
Bangsa urang ngeunah seuri, tapi seuri urang Sunda teu kaburu anggeus, sabab alun-alun pada suwung sampalan diranjah monyet, warung-warung diranjah monyet, sawah-sawah diranjah monyet, huma-huma diacak-acak monyet, cawene-cawene rareuneuh ku monyet, sagala-gala diawut-awut ku monyet, jelema siyeun ku monyet, sarariyeun ku jelema nu jiga monyet, sarariyeun ku jelema nu momonyeteun, sarariyeun ku jelema nu momonyetan, sarariyeun ku jelema nariru niru monyet, tapi masih bae hanteu sakedik anu maruja engkena jaradi monye. Laju panarat dicekel ku monyet, bari diuk tina cacadan, wulukuna mah ditarik mudu ku urang-urang keneh bae !
Tah di jaman eta bangsa urang saeutik hakaneun djeung pakeueun loba jelema paeh kalati loba lalaki paeh teu bukti, loba cawene dijijieun pangrepeh, lain hanteu warani tapi acan waktuna pikeun nyekek monyet-monyet, sanagara ngarep ngarep pelak jagong geura saumur, ngarep ngarep bari hanteu arareungeuh, jaman teh geus ganti lalakon sabab hawar-hawar di tungtung sagara kaler pang kalerna ngagulugur ngaguruh harus …!
Garuda megarkeun endok di kandang monyet genjlong saamparan jagat ari di urang ? rame ku nu ngarora eukeur marangpring, prang-pring sabuluh buluh gading dina perang maju ka suda …! Monyet-monyet ngararumpul pating rumpuyuk, laju ngamuk bangsa urang. Tapi ngararamuk teu make aturan, loba anu pararaeh teu boga dosa, puguh musuh dijieun batur, puguh batur disebut musuh, ngadak-ngadak loba nu jaradi pangkat, tapi mararentah cara nu edan. Nu baringung beuki baringung, nu teu bingung djadi bingung, Budak satepak jaradi bapa. Nu ngaramuk beuki loba beuki rosa mani saheng sanagara, sabab anu ngaramuk hanteu beda tawon dipalengpeng sayang. Sakur anu hanteu sapikiran sapangadegan, najan teu biluk ka musuh oge, laju bae disebut musuh. Datang ka tambah loba, ani diparaehan teu puguh dosa sabuwana dijijieun jagal, sabab nu sabangsa eujeung urang.
Laju perang ngalawan 12 bangsa ti 5 nagara, tapi kaburu disapih kunu daratang ti tanah sabrang, laju di urang ngadeg Raja jelemaan na mah jelema biasa ngan disarebut hanteu puguh indung hanteu puguh bapa, tapi saenjana mah memang titisan. Titisan sukma Raja jaman baheula tapi ngindung ka putri Dewata bangsa ka dewan da puguh titisan Raja, Raja anyar hese apes ku rogahala.
Ti harita ganti deui jaman ganti jaman ganti lalakon, iraha mimitina ganti jaman, ti mimiti ngadeg Raja. Iraha mimitina ganti lalakon, heunteu kebat anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bentang gede caang ngagenclang di urut nagara Pajajaran Girang, ngadeg deui Karajaan tapi nu jadi Raja, lain teureuh Pajajaran eta.
Di urang laju deui aya Raja, tapi Raja para buta, diponggawaan ku buta-buta nu jadi Raja lain bae buta duruwiksa, tapi buta oge teu bisa neuleu, buhaya eujeung monyet ucing gering eujeung aja ngarowotan somah bari disangsara disusah-susah.
Ka resep eta Raja diagung-agung diugung-ugung, ngadegkeun panto teu bisa molongo, ngadegkeun lawang teu bisa muka, miara heulang dina caringin, nyinyieunan pancuran ditengah jalan, da Rajana, Raja panyelang, da ngaran geh jadi Raja, karesep sakahayang inyana hanteu meunang dicaram hanteu meunang dihulag !
Sakalina aya anu wani ngageuingkeun anu diporog ku ponggawa buta. Lain sato-sato nu ngarowotan somah, tapi jelemana, anu ngageuingkeun ngelingan Raja, da puguh buta-buta jaradi ponggawa, beuki hareup beuki hareup Raja buta beuki ngabuka jangji inyana mah kieu, tapi titah inyana mah kitu nitah kitu, tapi jangji inyana mah hanteu dibuktikeun, Raja jangji eudeuk ngagungkeun Agama, anu jadi gara-gara urang kiwari aya di dieu, tapi lajuna mah sakabeh urang Selam. Ku inyana dimudukeun saban-saban, nyenyembah deui berhala digantung ditaweuran.
Raja jangji eudeuk njieun somah pada jembar eujeung raharja, tapi nitah ngagarap sawah di salah waktuna, bubutut salah nu ngatur panarat pabeulit dina cacadan, da atuh anu ku Raja dititah ngawaluku, lain jelema prah tarani, Laju namah, kembang tarate paeh sawareh, kembang kapas teu jadi nareuleu, buwah pare loba anu nareuleu heunteu bisa asup dina haseupan, da anu ngarebonna tukang barohong. Anu taranina ngan wungkul jangji, anu daragang ngan ngaranjap nu balanja, anu jaradi pagawe. Loba lunta mawaan aja jeung ari garawe ngahaja dilila-lila, ngarah somah nu disususah, rurubaha mere!
Loba, anu jaradi ponggawa na baleunghar tina ba ** SENSOR **, sararenang tina ruruba, dararagang tapi bari nyieun susah usaha somah, modal dagang. Arinyana, nya pangkat jeung kakawasaan nu ku arinyana diparake nyaringsieunan, datang ka anu geus sarieun memeh disaringsieunan. Mere kauntungan nginjeumkeun modal, tapi modal anu moal bisa ditagih deui, kumaha arinyana dagang ? Daragang bari monggawa, datang ka pagawean, meh sakabeh hancaeun gatrah, lain ku sabab daragang, tapi memang teu barisa gawe. Lain hanteu bisa gawe ku sabab barodo, tapi lantaran pararinteur teuing, ngan pararinteur kabalingeur.
Ti dinya salega buwana, jadi hakaneun beuki marahal, jadi somah beuki baringung. Harita, jaman laju ganti deui asup keuna jaman sato, jelema dikawasaan sato, jelema hayang paloba -loba sato, jelema beuki loba nu cara sato. Di jaman eta, nya datang budak janggotan, sajamang ku jamang hideung, sasamping ku samping hideung, nyoren kaneron tapi teu hideung, inyana ngageuingkeun anu keur sasar, ngelingan nu kamalinaan, mere njaho ka nu paroho, tapi euweuh nu ngawararo. Boro-boro deuk ngawaro, budak janggotan oge ku arinyana ditarewak diasupkeun ka pangberokan !
Arinyana hanteu areungeuh, haseup ti pirunan ngebulna beureum, ditariyupan ku monyet-monyet anu bareureum, laju anu kamalinaan arembung ngawaro, ngacak-ngacak heula saban pasar, laju ngawut-ngawut dapur batur, manjar arinyana neangan musuh, padahal arinyana nyiar-nyiar pirusuheun, sabab arambeuk dipajarkeun teu barisa ngatur nagara, padahal arinyana nyararaho monyet arinyana nu harejo, monyet arinyana nu garading, saban monyet nu arinyana, beuki kamalinaan mararabok kakawasaan !
Padahal arinyana pada nyaho, eta teh puguh geh monyet, hayoh dibarere kakawasaan, ku naha ngarantep sina monyet-monyet kamalinaan, sabab Raja arinyana anu nyontowan, senang teh, mudu keur hirup, Beunghar teh, menungpeung keur pangkat, ngarah kapangkatan gede kakawasaan, mudu monyet-monyet dijieun balad, bari mere monyet-monyet kakawasaan !
Saha, sahaaa anu wani mumpang, ka pangkat meujeuh kawasa, ka kawasa meujeuh keur jaya, ka nu keur jaya meujeuh keur beunghar? Atuh eudeuk kumaha, da inyana Raja ge Raja panyelang! Najan pagawe jeung ponggawa inyana anu saralah oge, najan pagawe jeung ponggawa inyana nyunyusah somah oge, ku inyana diingkeun bae, da puguh Raja dipindah sukma, kajayaan buta-buta jaradi ponggawa jeung pagawe, kakawasaan monyet-monyet anu marabok, lilana ngan duwa kali ganti Raja panyelang.
Katilu ngadeg, tapi mahi lila pikeun somah kacida sangsara, datang ka somah ngarep-ngarep, sing caringin reuntas di alun-alun, sing buta-buta jaradi wadal, wadal polah keneh arinyana. Saban ganti Raja panyelang, baris aya caringin reuntas, tapi reuntasna hanteu saruwa. Iraha, bari mimiti aya caringin reuntas, engke amun geus tembong budak angon, datang ngabejaan anggeus laguna ngarakrak, panggung enggon kacolah anu eedanan jaradi edan, geus datang keuna dawuh, kudu dirubuhkeun jeung didudutan !
Budak angon hanteu diwaro, tapi laju loba nu direbut, mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti salembur laju jadi sanagara, tapi panggung reyod mah hanteu diburak. Nu barodo jaradi gelo, ngaharapkeun anak ciung, Budak buncireung, nyumputkeun monyet beureum dina caringin, caringin na laju reuntas, Tapi, panggung reyod mah, hanteu dirakrak !
Nu barodo garelo deui, diarojok-ojok monyet hideung, nu ditipu ku monyet beureum, arinyana harayang sina bulan jeung bentang bae, anu beurang peuting nyaangan jagat ieu!
Arinyana mararaksa, manuk ciung ulah disebut ciung. Ti dinja, loba deui anu raribut, mimiti ti dapur deui, ti dapur dapur jadi salembur, ti salembur jadi deui sanagara!
Anu karanceuh laju garelut, diarojok-ojok deui monyet beureum, nu nyararu jadi monyet harideung bulu, harideung letah harideung deuleu, tapi beureum hate jeung beureum seja, seja ngabeureumkeun sa jagat ieu !
Nu kataripu laju garelut, ngagelutan sakur anu heunteu saruwa dina sinembah, ngagelutan batur-batur nu geus areungeuh keuna ditipu, dimana mana beuki loba nu deuk garelut, ngan anu areling pada caricing, arinyana mah ngalalajoan, tapi kabeurangan,! naon sabab matak garelut, marebutkeun warisan samemeh waktuna, nu haraweuk hayang panglobana, nu teu daek harayang loba nu kudu kawaris, mararenta bagian arinyana, tapi warisan mah euweuh saurang anu kabagean, sabab geus direbut ku urang sabrang nyekel gadean !
Caringin anu keur eunjeuh, reuntasna kabawa caah, monyet hideung, karebut ka sabrang deui, tapi monyet-monyet anu beureum, antap-intip dipipir leuit, ari monyet-monyet anu harejo tarembong turun ti luhur panggung, panggung rubuh.. dirubuhkeun talaga bedah, anu bedah ku lini deui, kuya bodas, anjing bodas, buhaya bodas, mararodar disered guntur !
Ngan beas bodas leuleungitna lain kabawa caah, tapi diacak-acak deui ku monyet beureum, diacak-acak deui monyet-monyet anu harejo, diacak-acak deui monyet-monyet anu garading, jeung ku begu-begu nu sarupa jelema. Urang wetan anu geus hareudang ku urang kulon nu keur hudang, hariwang keuna waktuna urang Sunda baris hudang. Kujang Sunda titinggal kaula, sina ditarepa deui di sabrang wetan !
Laju, sunda pagirang-girang deui tampian. Di mana-mana raribut deui, mararebutkeun leuit anu kararosong, mararebutkeun jojodog pada caropong. Rebut, beuki rebut beuki rusuh, buta-buta laju nyarusup, sakabeh rupa monyet pada haliwu, sabab sarieun ditareumpuhkeun beulahna samangka !
Da memang heueuh, lapurna nagara teh, gara-gara arinyana keukeuh harayang bae pangkawasana, geus hanteu barerek oge, keukeuh bae mudu turut ngatur nagara, urang sunda diaradukeun deui, da sundana sunda goblog, teu arareungeuh diaradukeun, laju maseaan sakur anu ditaruduhkeun, maseyaan deungeun maseyaan batur ..!
Sunda maseyaan sunda keneh! ngan sunda nu areling heunteu parasea heunteu pagirang-girang tampian. Tapi kabarerang, sabab Sunda burung pasea jeung Sunda edan, Sunda edan maseaan sunda nu teu burung hanteu edan …!
Salegana nagara cara keur kahuruwan, loba seuneu loba cai, tah di dinya mah, kara nyalaliyar budak angon seja arinjana deuk marenta tumbal tapi budak angon anggeus euweuh, geus euweuh dibirit leuwi, geus euweuh panto batu satangtung, tapi haneuleum nu dijieun hateup, hanjuang nu dijieun tihang euweuh anu areungeuh jadi pipihan handapeun Pakujajar Ki Pahare!
Anu kasampak ku anu ngariyat, ngan kari gagak nu keur ngelak dina tutunggul, ngabejaan tapi euweuh saurang anu ngararti! Padahal gagak teh ngabejaan “samangka geus asak di Tegalan Pangperangan!” Tah eta pitumbaleun pikeun pamunah …!
Darengekeun ! Perang di tegalan geus moal aya anu bisa ngahalang-halang, sabab geus karep para lulugu wetan, tapi bisa dikiasan ambeh ulah datang deui ka Sunda beak kaluluh, sabab Pajajaran mudu ngadeg deui, mandiri deui jadi Nagara anu nengah dina jajaran, saamparan eujeung satahap jeung Nagara nagara anu sahate, lengser ...!
Ceuk Si Lengser jauh ti tengah-tengah tegal : Nun ...!
Ceuk Raja, anu harita jadi keneh Raja. tapi ngan Raja dina sebutan, sabab Nagara injana mah geus dibogaan deungeun. Kiyasna, Lengser ! kumaha tah kiyasna ?
Si Lengser laju ngomong , tapi ku Raja hanteu kadenge !
Ceuk Raja tanpa Nagara, teu kadenge ! ngomong bae dia teh torek ! Lain torek dina ceuli, tapi torek dina pikir !
Pikir atuh ! keur jadi keneh Raja, memang kaula anu mudu datang ka Raja ! Tapi lantaran dia ayeuna, geus ecag ti jadi Raja. Nya atuh, anu ngora anu mudu nyampeurkeun ka nu koloteun !
Heueuh bener! ceuk Raja bari njampeurkeun. Raja njampeurkeun si Lengser, si Lengser njampeurkeun Raja! Laju arinyana njarampeurkeun kokolot, nu tilu jadi lulugu, ngaluluguwan Pajajaran nu eudeuk ka kaler!
Laju si Lengser harewos, ulah ngugung-ngugung monyet hideung! ulah siyeun ku monyet beureum! ulah ngelehan bae ka urang wetan! ulah mundur ku urang kulon! tapi kalebetkeun umbul umbul Pajajaran anu bodas sabari hideung, disulaman Kujang lalayanah jeung pakujajar! Ceuk Raja : Tah kitu !
Tengerkeun jaman ganti deui, nya eta jaman anu baris muka lawang, pikeun mapag powe, nu mawa jaya tina sangsara, waktuna datang Raja panyelang anu kaduwa, ditanda an heula ku bitu gunung gede, laju disusul ku tujuh gunung pada garede, waktuna bakal dilelemahna tegal pangperangan, amun parek ka urut punduk leuwi Si Pata Hunan, geus malang cukang nu nyela bumi, girangeun ereng di kutu lampah, nu nyabrang geus mudu dina eretan !
Jig ! geura narindak, tapi ulah ngaliyeuk ka tukang, ngan sing awas neule ka hareup, sing telek neuleu ka kenca, sing teges neuleu ka beulah katuhu, di tukang mah, batur-batur ti Pajajaran arinyana ngaranteur. Laju nindak anu narindak eudeuk ka kaler, ka dayeuh paninengan samar kasampak, tapi tetep ngadeg jero harigu saban Sunda Pajajaran !
Ceuk Raja ka anu sakabeh anu marisah ka neulah kidul, Batur-batur! dulur-dulur! sakabeh anak, sakabeh incu buyut, cangah, bao eujeung wareng jeung sakabeh Sunda Pajajaran anu sajati, mimiti powe ieu Pajajaran ganti jaman, ganti alam teruseun hirup, lain urang ngaganti alam ngaganti jaman, tapi urang di ganti alam ku ganti jaman !
Mimiti powe ieu, Pajajaran pindah ti jaman wasa carita, ka jaman jadi carita, ti alam hirup samemeh paeh, ka alam paeh samemeh hirup, sabab hirup terus terus jero angeun bangsa Sunda, anu Pajajaran di ngaran Sunda!
Lalakon Urang lajukeun! Sabab engke jaga ka batur batur jeung dulur-dulur nu tadi nindak ka kaler baris aya nu hiri dengki, dina seja nyilih deui Bangsa Sunda, nyaram nyaram urang Sunda nararineung ka Pajajaran, sabab nu saririk hiri dengki, arinyana siyeun kasili wawangi, amun Sunda ngadeg deui Pajajaran.
Arinyana arembung ngarti, tong percaya ka budak angon, nu nyarita Pajajaran teh. Lain ngajajarkeun tangkal nu jiga paku, tapi ngajajarkeun nu salah ti anu bener, jeung ngajajarkeun kabener bebenerna bener!
Arembung arinjana ngarti, sabab piken arinjana Pajajaran teh, ngahudang hudang panasaran, nyeunyeuit deui kanyeuri, nja kanyeuri anu baris ngahudangkeun sukma Sunda ! Pajar arinyana harti Sunda teh suhun semet dada tegesna mah badega!
Laju saban usuk Bangsa Sunda ku arinyana diteuheulkeun ditareundeutkeun, Bangsa Sunda mudu nurut bae diparentah digarawekeun ku majarkeun sampurna na Nagara tunggal ngaran mudu dibantu ku Bangsa Sunda, padahal hese jeung tarahalna, eta kabeh bagian Sunda ngeungeunahna mah !
Nya bagian bae arinyana! bangsa Sunda diaradukeun, tapi dasar Sunda babari dipadaya, dasar Sunda ngeunah dipuji, nya araratoh saban saban disina paseya, neunggeulan deungeun ngagelutan batur.
Aratohna? sabab disaban kalang Sunda deui anu unggul, Sunda deui anu meunang, Sunda deui jadi jawara, bari Sunda bae nu jaradi wadal, tapi anu luhur bae pangkat beuki gede bae dina kawasa, lain Sunda anu jawara, lain Sunda anu bebela, engke dina usum rame papanggungan jeung anu mamaranggung kamalinaan liwat budak angon jeung budak anu janggotan ngelingan ka urang Sunda, bangsa Sunda teh lain badega tapi dasar Sunda loba teuing nu barodo, nya hanteu ngawaro !
Ti dinja heunteu sakedik anu pabisa-bisa sewang-sewang nyieun harti tina Sunda, tapi harti anu saestu teu kaharti ku para aji, teu ka torah ku para pujangga, sabab najan oge palalinter, arinyana hanteu nyaho nyaho acan, nu kumaha rupa handeuleum jeung kumaha hanjuang siang, da nyalucruk teh pada kalangsu tapi nyalaliyar teh aranggang keneh. Nu areling barisa ngarti, ngan barudak Sunda nu keur baringung nareyangan indung anu ditundung, marapag bapa pasingsal jalan, saha nu jadi indung ?
Nya aweuhan tina ngaran ngaran Pajajaran samar, mantakna ditundung, sabab teu bae ngarti ku naha Sunda dijieun tere? Saha anu nundung, Raja buta ponggawa buta eujeung Sunda pada baruta! Saha nu jadi bapa, nya jaman nu baris datang ngahudangkeun sukma Sunda ku naha pasingsal jalan, sabab arinyana hanteu nyaraho Budak angon keur ngalalakon.
Dimana, dikalereun lawang gintung sakalereun lawang saketeng, naon sabab heunteu nyaraho, lantaran harudang samemeh waktuna digarieungkeun kuya bodas, dipadaya ku kuya bodas. Balukarna, kanyeuri nu tambah nyeuri kanineung nu beuki telebnya karuhan, bangsa Sunda eudeuk ngamuk, tah eta sabab sabab urang mudu manjangkeun lalakon, amun Sunda ngamuk ulah motah di salah waktuna, sabab amun Sunda ngamuk sabari motah, duwa raksasa jaradi bobotoh, balukarna rusuh gede saamparan jagat, eta rusuh gede memang baris kudu kajadian tapi heunteu digara-garakeun ku urang sunda. Tapi digara-garakeun monyet beureum jeung monyet hideung, anu jaradi gara-gara gerna perang sanekala !
Keun bae eta mah lain urusan urang engke oge ari geus rakacak mah, monyet-monyet hideung teh, baris nyaraho arinyana teh tinggaleun jaman, jeung sakabeh Sunda pahilih-hilih laju arareungeuh diparakeyan kedok teu neule jeblog, da kedok na dijieunan monyet anu harideung, hideung hate hideung pikir datang ka jaman nu geus bodas oge, dimudukeun hideung bae hideung terus !
Darengekeun! mimiti ti powe ieu urang kabehan parindah alam, tapi aya bae di jagat ieu keneh ieu keneh, urang ngahiyang teu kadeuleu ku mata jelema, pikeun engke di waktuna di tatar kaler, jagat genjlong ku garuda megarkeun endog marulang deui ka alam cara baheula, urang daratang deui bari kadeuleu tapi ngan kadareuleu ku anu areungeuh, sabab datang urang ngawaruga dina bangsa nu lain Selam !
Urang giling gisik jeung sakabeh jelema tapi ngan anu kawaris nu engke baris areungeuh, salila urang ngahiyang, dia kabehan meunang nembongan, dia kabehan meunang nyawara.
Tapi aya panyaduan, heunteu meunang katembong ku sambarang jelema, heunteu meunang nembongan ka sambarang jelema, heunteu meunang nyawara ka sambarang jelema, cindekna hanteu meunang ka sambarang jelema. Heunteu meunang di sambarang waktuna, kawidi nembongan kawidi nyawara ngan di waktuna mun kapaksa, dina waktu anu ka jurung ku parelu, bari hade nu mudu jadi balukar, ka nu nembongan jeung ka anu ditembongan, ka nu nyawara ka anu dibawa nyarita anu ngarampag tangtu bakal ka bendon lain ku kaula, tapi ku palolah arinyana !
Denge ! nu katembong teu ngahaja, Bakal apes salila ti poek ka poek deui atawa ti caang ka waktuna deui caang, aya pamunahna geuwat dia ngarupakeun Maung nu leumpangna ngelesed sabari tungkul, anu nembongan ngahaja tembong teu kawidian heunteu parelu, bakal apes salila Opat puluh kali waktu nu tadi euweuh pamunahna !
Nu mantuwan jelema jahat nu mantuwan jelema jail tangtu baris keuna bebendon, sabab Pajajaran mah heunteu ngajar mudu jahat, heunteu widi keuna jail. Sabendon anu karitu leungiteun jalan di waktu mulang, laju jaradi meong. Nu baris marodar ku pakarang euweuh pamunahna, nu tutulung dihade gawe mantuwan lain liliyuran diwidi laluwasa galling gisik di duwa alam, alam jelema biasa jeung alam Pajajaran !
Jelema ti luar kalangan urang mun nyieun salah ka urang kabina-bina, mun hiri dengki ka urang atawa nganjieun ngahihina Pajajaran, tewak ku dia.
Laju puwat keuna kareta Pajajaran nu meneran euduek ngaliwat, Mun kareta na ditarik kuda opat harideung eta pitandaeun nu salah teh kudu dihukum. Mun nu narikna Kuda opat barodas eta pitandaeun nu salah teu bias dihampura, mun geus inyana tobat jangji mowal deui-deui ka urang njieun kateungeunaheun, pulangkeun inyana ka alam injaman deui, tapi sina neuleu heula pikeun bukti nagara Pajajaran di sejen alam alam Pajajaran anu ngahiyang !
Lilana urang ngahiyang Opat jaman kalima datang nu kebehna jangkep opat kali 100 taun, piliganti saban jaman ti urang mudu aya anu nyiloka, hirup babarengan jeung jelema mawa rupa-rupa jelema, tapi anu mahiwal tinu biasa gawe inyana nengetkeun nu ti musuh jadi deui jelema, dina seja ngahaharuwan Pajajaran.
Nyaritakeun uga beunang arinyana nyieun sorangan. Ulah dipodaran, keun sina karojor ka siku ku eta uga, ayeuna dia kabehan tuturkeun kaula kumaha kula bae !
Urang papag jaman nu bakal datang jaman ngadeug deui Pajajaran anu jembar hampurana, anu subur tatanenna, anu rea dagangeunana, anu ragem jeung papada nu hade hate. urang nindak, pareum ….. !
Laju Raja ngudarkeun beubeur, beubeur cinde, cinde wulung dikebutkeun. Leus...ngileus ngahiyang, sakabeh nu satiya ka Raja teu katembong ku panenjo, pada leungit tina pandeuleu, ngan Si Lengser hanteu ngaleungit, heunteu leungit heunteu euweuh ngajentul keur nangkeup tuur, jiga tunggul sempur eukeur ngabatu.
Ceuk sora Raja nu kadeuleu ngan ku si Lengser, Lengser kumaha dia ?
Ceuk Si Lengser nu kadeuleu ku sakabeh nu nareuleu, heunteu kumaha kaula mah, masih panjang keneh lalakoneun sabab melang ka nu marulang nu ka kaler nu ka kulon sabab engke Sunda wetan teu ngeunah angeun, amun sunda urang di urut dayeuh, engke unggul di pangaweruh eujeung leuwih di pangarti, bari jembar dipangabisa najan dina hirup sagala serba dangdarat ku sunda wetan, arinyana baris tampiyan digiringan dikuruhan dipendet sunggapan !
Kaula teh hirup geus kebel jasa encan nyorang ngarasanan ngeunah seuri, tapi salawasna ku deungeun-deungeun ngarareunah bae disengseurikeun, tapi engke hayang kaula nu ngeunah seuri hayang resep heuleu ngeunah seuri, amun engke jaga Sunda wetan ngarerel letah dicekekan Pajajaran mupulan wadal, da bongan sunda wetan jeung papada sunda pagirang girang tampian. Tapi, Ngarah kapake dijijieun kokolot ngaletakan ngisangan deungeun, ngajak Pajajaran urang ngagelutan musuh, tapi bari sina Pajajaran urang nu katempuhan ditujuh ku Sunda wetan, kaula melang ka Pajajaran urang nu kiwari mulang ka kaler, nu engke jaga terus di kaler dirawaykeun ku seler-seler !
Kaula melang ka arinyana eudeuk ngalanglangan arinyana, eudeuk nganjang ka budak angon bari nyioloka tukang mantun, bari sugan-sugan bae kasampak jelema surti nu lantip pikir jeung hade di hate, hade di lampah jeung rancage ngarti paeh !
Ceuk sora Raja nu teu kadeuleu, hade ari kitu mah, tapi kaula ulah ku dia deuk dijauhkeun !
Ceuk Si Lengser, Heueuh deuh,
Si Lengser laju nindak mimiti ka kulon heula, ti kulon laju ka kaler, laju namah laju teuing ka mana tapi najan euweuh nu areungeuh. Si Lengser tetep aya ngalanglangan ngalanglangan, ngalanglangan bari nganjang, bari nyiloka nyiloka tukang mantun, Inyana mantun ngalalakonkeun nu geus kalakon, njaritakeun nu baris datang eujeung engke tantu kasorang ku saha ? Ku sakabeh bangsa urang anu kajongjonan jadi badega tapi pantun Si Lengser Pantun Bogor Pakulonan baris dihaharuwan ku sunda teu ngeunah angeun, lantaran catur Si Lengser.
Puguh kitu baheula na beja Si Lengser memang enja di engkena, kabeh bukti jadi saksi, begu galuh mumungkus hulu kuya bodas unggah darmaga, kulit munding … jamang laken !
Si Lengser ngalalana make tanda ti babaheulna eujeung ciri nu tara ganti.
Si Lengser sasamping beureum samping beureum semu paul, tapi paul belel jasa jamang Si Lengser ? jamang nyangsang dina taktak anu kenca sebut bodas da ku lecek, sebut hideung da bodas !
Gidig inyana, leumpang noyod rada bongkok, tara tinggal ti kaneron disalendang dikatukangkeun, sakapeung osok saiket sakapeung satiung iket, anu semu jeung batik na tara bisa disebut tangtu, tapi aya ciri nu moal pahili si Lengser saiket rawing, si Lengser sabaju rambeng !
Rupa inyana, bisa ngora tapi jore bisa kolot tapi kasep, bisa kapeung kapeung kadeuleuna jaga arca atah tatah, jaga kohkol encan anggeus
Jag tunda ! urang tunda di hanjuawang siang, urang teundeun di haneuleum sieum, ampiheun pajueun ka hareup sampeureun anak incu, teangeun engke jaga tanjaeun nu teu nyaraho ! Di palebahan urut ngumpul jeung misahna urang Pajajaran, engke jaga ngadeg lembur mawa ngaran Tegal Buleud ! Di jaman nu baris datang di dinya baris ngadeg Panggodongan, nu hauna sajangkung kuwung kuwung jeung seuneuna, ngagedang gedang beurang jeung peuting keun sina ngagedag gedag ! Pikeun dibeurang ngahanjuwang garapan, pikeun di peuting jadi tetenger
Ka sakur nu keur marapag waktuna Pajajaran ngadeg deui! lain Pajajaran nu baheula, lain Pajajaran nu kiwari anggeus leungit, lain Pajajaran nu diarep arep ku kahayang, tapi Pajajaran anu anjar anu napak dina uga dina jajaran anu satahap, sajajar djeung anu satampiyan dina saleuwi nyaeta Pajajaran nu salin ngaran
ngajajar manjang ka wetan ngalonjor Djolok ka kulon, dirajaan ku nu sabar diratuwan ku nu adil. Saha nu baris ngarajaan, sana anu baris adil jadi ratu, engke oge dia njaraho, ti mana datangna engke arinyana? ti sabrang lautan dina mulang anggeus ditudung !
Post a Comment